SURAT TI ABAH
"Bah! Hampura ku abdi sérang nu tonggoh rék dijual, abdi butuh duit Bah!" Supri nyampeurkeun bapana nu keur macul di pipir imah.
Bah Sudira ngalieuk, "kabina-bina manéh mah Jang! Nu di landeuh geus dijual pan? Adi-adi manéh euweuh nu nyahoeun, naha keur naon deui atuh?"
"Engké digantian!" Supri ngasongkeun cai sagelas ka bapana.
"Ké heula, badami jeung Tati adi manéh!" Bah Sudira nampanan gelas, regot cai diinum, érép sagelas, kabeneran keur hanaang.
Gék Supri diuk di golodog, kusiwel ngaluarkeun bako jeung pahpirna.
"Kumaha Bah?" Supri neuteup Bah Sudira.
"Moal Jang! Banda abah euweuh deui, keur bagikeuneun téh meureun saeutik!" Salon Bah Sudira.
Supri unggeuk, rét kana pacul, laju macul nganggeuskeun hanca Bah Sudira. Nyombo meureun ti dituna maglh. Réngsé macul, Supri ngeukeuhan tanah téa, ngan Bah Sudira pageuh teu mikeun, sabab budak awéwé nu bungsu keur gawé di dayeuh. Supri mulang teu hasil, balik ka imahna bari mawa haté mentegeg.
"Kumaha Kang? Bangun teu dibikeun ku Abah nya!" Tirah, pamajikan Supri mapag nu karék mulang.
"Nyamos Nyi, kudu kumaha atuh?" Supri baluweng, gék diuk dina korsi nu geus rajét balas didiukan.
"Olo deui atuh! Saha nu nyaho léah haténa!" Tirah ngahatéan salakina.
"Olo kumaha ari Nyai? Akang geus macul saider-ider pipir imahna, angger mugen teu mikeun!" Témbal Supri.
Tirah teu némbalan, ngaléos ka kamar laju ngasongkeun hapé, "yeuh telepon aSi Tati, sina ngolo Abah, béjakeun Akang keur butuh pisan duit kituh!"
Supri ngarérét kana hapé, gap dina cabak, nomer Tati dipencét, teu aktip.
"Teu aktip Nyi!" Supri ngasongkeun deui hapéna.
"Ajaran deui!"
"Apanan teu aktip!" Supri rada muncereng. Mun seug teu dikekesek ku hutang mah, teu deuk teuing unjam injeum injeum ka nu jadi kolot. Geus mindeng teuing, kulawargana muntang saraya ka Bah Sudira. Édas atuh, pamajikanana loba Nganjuk ka ditu ka dieu, kusabab loba kakuranganana dina maraban anak pamajikan.
Leng Supri ngahuleng, muter uteuk sangkan bapana daék mikeun sérang.
*Hanca
Piraméeun yeuh...manco ahh😍😍
BalasHapusDiantos hancana...
Siaap!
HapusSatuju abdi, na jadi resep maos carita nyambung téh
BalasHapus