Jumat, 08 November 2019

Carnyam (2)

SURAT TI ABAH

Isukna di lembur geunjleung, Bah Sudira maot ngagantung dina tangkal loa di pipir imahna, jelema ngagimbung, malahan aya pulisi sagala. Imah Bah Sudira dikurilingan ku garis pulisi, teu meunang aya nu asup kajaba pulisi jeung patugas ti rumah sakit.

Tati kakara jol bari rawah riwih, ditelepon ku RT, kitu deui lanceukna Neni gégéréwékan sasambat ka bapana.

"Teu sangka Abah, peuting nelepon kénéh, nitah ka lembur ka abdi Teh!" Tati nginghak.

"Pan beurangna ku Etéh dianteuran sangu, jagjag kénéh, tuh sanguna weuteuh kénéh can cocéng!" Neni rambisak.

"Ké, ari Supri geus dibéjaan Ceu?" RT Amid ngadeukeutan Neni.

"Sugan? Majar aya kadieu pasosoré cenah? Rék nanahaon atuh?" Neni geremet, geus nyaho adat adina mun nempo Bah Sudira geus aya niat rék barang pénta. Keur euweuh pangabutuh mah tara ngelol.

"Atos ku abdi ditelepon tapi teu diangkat, piraku teu kadéngé dina spiker sakitu deukeut!" Tati ngagerentes.

Jol aya pamuda nu dititah nyusulan Supri, bari rénghap ranjug nyanghareup ka RT jeung barudak Bah Sudira, "teu araya ning, tos digedor gé. Banguna mah kosong bumina!"

Geus teg wéh nu aya di dinya nyangka ka Supri aya kakaitan jeung palastrana Bah Sudira.

Layon Bah Sudira geus dikantongan, rék diotopsi. Nempo saréat mah, asa pamohalan mun Bah Sudira ngagantung manéh, euweuh tapak ngeurad dina beuheung, létah teu kaluar. Jeung awakna palebah rarangan éstu garing teu kawas nu ngaluarkeun kokotor.

Pulisi méré kacindekan yén Bah Sudira aya nu ngarogahala, palebah sirah bagéan tukang kacabak rada eumeur jeung baseuh ku getih. Ngahaja digantungkeun ngarah siga nu bunuh diri.

"Mangga diriksa ka bumi ku Ibu salaku ahli waris Pa Sudira, bilih aya barang nu tiasa janten pituduh kanggé maluruh nu gaduh pokalna." Pulisi arasup ka jero imah, dituturkeun ku Tati jeung Neni.

Imah balatak, eusi lomari parindah ka tengah imah, jiga nu diacak. Di jero kamar teu éléh balatak, malah aya kantong paragi neundeun surat penting gé geus budal eusina.

"Sertipikat sadayana teu aya Pa!" Tati nyidik-nyidik eusi kantong.

"Muhun Bu, baris dipariksa bilih aya sidik jarina!" Ceuk Pulisi bari Dongko nyidik-nyidik kantong nu rangsak, jiga  urut dibedol.

"Jigana parebut kantong jeung Abah mangkeluk téh!" Neni geremet, kacipta Bapana adu regeng nandonkeun nyawa sangkan sertipikat tanah teu dicokot.

Salah saurang pulisi nyingkabkeun kasur, bréh aya amplop bodas. Diasongkeun ka Tati.

"Aya serat Bu, mangga diparios!" Ceuk Pulisi.

Tati nampanan surat diilikan, rék dibuka kadéngé ti luar imah aya nu gogorowokan jiga nu paséa patembalan jeung jelema nu aya di dinya.

"Manéh kamana waé? Ditéangan ka imah euweuh!" Sora Amid.

"Lain urusan di dinya, Bah! Abah!" Sora Supri gegeroan.

Tati jeung Neni kaluar bari nahan piceurikeun, "Supri,dikumahakeun Abah?" Neni molotot.

"Naon Ceu? Naha ka uing?" Supri kerung, késang ngagarajag.

"Lah, pan manéh aya ka dieu burit!" Témbal Neni bari tutunjuk.

"Atos Ceu! Hawatos Abah, keun urang pasrahkeun ka Pulisi pikeun nalungtik kajadian nu sabenerna!" RT ngabéyéng Neni nu nahan amarah. Supri teterejel hayang asup ka imah, ngan pada ngarejengan ku nu séjén.

"Bah!" Supri ngedepruk, bari ceurik sasambat ka bapana.

"Aéh Tat, mana surat téh?" Neni ngarérét ka Tati nu teu nyoara.

"Ieu Téh!" Tati ngoréhan kantong, rarasaanana surat diasupkeun, ngan euweuh, Tati curinghak.

"Aya?" Neni neuteup adina.

Tati gideug, gancang asup ka imah, ngan ku pulisi dihalangan, imah geus steril cenah, geus dipariksa, ulah waka aya nu asup.

"Bisi surat ti Abah, sugan méré pituduh ngeunaan kajadian nu sabenerna, atawa bisa jadi bukti keur engké di pangadilan." Neni ngaharéwos ka Tati.

"Teu aya Téh, duh kumaha atuh nya?"  Tati ngarasa kaduhung, teu pageuh nyepeng éta surat. Kumaha mun ku pulisi dipénta, bisa waé éta eusi surat ngabantu pikeun ngeurad nu geus mgarogahala Bah Sudira nepi kahanteuna.


*Hanca

Tidak ada komentar:

Posting Komentar