SURAT TI ABAH
Peutingna tos dikurebkeun diayakeun tahlil sakumaha ilaharna di éta lembur. Nu milu tahlil pinuh di imah Bah Sudira, kabeneran loba kawawuhan jeung barayana ti mamana. Euweuh saurang gé nu teu kaleungitan, abong kolot nu hadé sagala rupana, euweuh carékeun jeung codéka ka sasama.
"Teu sangki nya Ceu Neni, kamari masih macul kénéh di pipirna, malah ditanya ku abdi téh, ngan teu némbalan, ukur imut!" Ceuk tatanggana nu imahna kahalangan ku dua suhunan ti dinya.
Neni unggeuk bari teu weléh rambisak, "enya Ceu, asa diheulang abdi mah!"
Tahlil ba'da Isya, réngsé nepi ka jam salapan, geus budal nu tahlil, Neni jeung Tati ngariung di tengah imah, adi Bah Sudira nu ti dayeuh milu ngariung, Iwal ti Supri jeung pamajikanana nu miheulaan baralik.
"Tuh nya, si kasebelan mah ngadon balik! Kaciri boga dosana téh!" Neni kukulutus.
"Tong kitu Neni, bisi lain Supri! Ceuk Amang mah keun waé pasrahkeun kanu wajib, bisi nyalahan!" Mang Dinta sila di tengah imah.
"Enya Teh, asa piraku atuh téga ngarogahala bapa sorangan!" Ceuk Tati.
"Da saha deui atuh Tat? Kabéh narempo si Supri nepungan Abah bari maksa rék ngajual sérang!" Walon Neni.
"Éta surat kudu kapanggih, bisi diperelukeun keur sidang engké! Mun nu boga dosana kapanggih!" Ceuk Mang Dinta.
Nepi ka tengah peuting, kakara arasup ka kamar, salila ngariung téh teu weléh ngagunem caturkeun Bah Sudira, éstu kolot taya carékeun jeung euweuh cawadeun.
Isukna, wanci haneut moyan, Tati keur sasapu di buruan, bari mulungan cangkang cai gelas urut tahlil.
"Assalamu'alaikum!" Sora lalaki ngagareuwahkeun nu keur sasapu.
"Waalaikumsalam! Aéh Mangga ka lebet!" Tati imut, memener tiungna.
Lalaki ngora kasép jeung sieup disaragam pulisi, dina bajuna Katara ngarana, Wahyu.
"Nepangkeun abdi Wahyu, ngawakilan ti kapulisian, seja ngiring sungkawa ka kulawarga Pa Sudira! InsyaAllah abdi baris nyakséni kamajuan ieu kasus, ulah bosen pami abdi aya waé ka dieu!_ Cenah bari imut, neuteup Tati nu samar rampa.
"Oh, mangga! Punten pami seueur kakiranganana!" Tati nunda sapu, bari unggah kana golodog mukakeun panto imah.
Wahyu ngajéwang sapu, laju neruskeun hanca Tati, bari rada alak ilik. Nempo kitu, Tati semu kaéraan keur turun tina golodog bari nyampeurkeun nu keur sasapu.
"Duh Bapa, wios ku abdi!"
"Tong nyebat Bapa atuh ah, da teu acan nikah abdi mah! Wahyu wéh!" Wahyu seuri leutik.
"Ah piraku? Isin nyebat nami mah Pa!" Tati ngajéwang sapu nu keur di cekelan ku Wahyu, gep leungeunna paantel jeung leungeun Wahyu, Tati gancang sasadu.
Wahyu ukur imut, beu asa ku kareueut éta imut ceuk gerentes na haté Tati. Ngan gancang ngabalieur sok sieun jadi katarik ati, ras inget ka Wawan nu salila ieu papacangan jeung Tati, hanjakal Wawan keur gawé di Brunei.
*Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar