SURAT TI ABAH
Tiharita Wahyu remen ka imah Tati, teuing kumaha deuih, ku Tati dibagéakeun, teu nolih omongan batur nu geus arapal yén Tati boga kakaitan jeung Wawan.
"Kadé Tat, bisi kagémbang, hég pulisi! Inget ka Wawan nu keur di Brunei!" Neni ngélingan, bisi adina katalanjuran. Éra ku kulawarga Wawan nu sok nananyakeun ngeunaan Wahyu.
"Moal atuh Téh! Da Tati gé nyaah kénéh ka Kang Wawan! Ieu mah pan keur kapentingan panalungtikan, nepi ka kiwari gé apanan can kapanggih saha nu geus ngarogahala Abah!" Témbal Tari.
"Nya kajeun ari boga pamikiran kitu mah, Étéh mah ukur ngélingan!" Neni imut.
Réngsé nepi ka tujuhna tahlil, panalungtikan dimimitian, tatangga Abah loba nu dipariksa, ilaharna ari dipanggil ka kantor pulisi téh sok teu paruguh rarasaan, padahal ukur ditanya jadi saksi hungkul.
"Allhamdulillah katerangan ti saksi sementawis tos kumplit, kalebet ti palaputra Bah Sudira, kantun Pa Supri sareng garwana teu acan disungkeun katerangan!" Ceuk Wahyu bari ngasongkeun surat.
"Keun ku abdi badé dipentés, mun enya teu boga dosa, naha maké kudu loba susulumputan jeung pulisi!" Walon Neni.
"Muhun Bu, kantenan urang masih nganggé dadasar praduga tak bersalah téa, teu sagawayah kedah aya buktos sareng alibi nu kiat, kanggé ngeurad saha waé nu tos diduga" témbal Wahyu.
"Wios ku abdi seratna dijajapkeun ka Kang Supri, kaleresan abdi gé aya taroskeun eun!"Tati ngajéwang surat pemanggilan saksi ti pulisi.
Tati amitan muru imah Supri, teu anggang ti dinya kahalangan ku sababaraha suhunan. Nepi ka imahna kasampak Supri keur dahar ngariung jeung anak pamajikanana.
"Kang! Aya surat ti pulisi, wayahna kudu didatangan mun enya Akang teu boga dosa mah!" Ceuk Tati bari gék diuk dina samak.
"Nyi Tati, sakumaha baragajul gé lanceuk didinya, moal ari kudu ngarogahala nu jadi bapana mah!" Tirah kuraweud, geus kadéngé guyurna lembur naruding ka salakina nu geus maéhan Bah Sudira.
"Nya sok buktikeun, ulah babalicetan kitu! Jiga wéh nu enya boga dosa!"Tati teu éléh kurawed.
"Keun pangadilan nu ngabuktikeun mah! Aya buktina uing nu boga dosa, hég téh teuing masing kudu dihukum mati gé!" Supri aral, alas dahar disérédkeun, laju ngajéwang surat ti pulisi, dibaca imeut naker.
"Hampura Kang, abdi mah nepikeun amanat ti pulisi!" Tati ngaléos, keur turun tina golodog, di buruan budak Supri nu bungsu keur ulin guguntingan keretas jeung babaturanana, karérét ku juru panon Tati, budak keur ngagigiwing amplop. Ras inget ka surat ti abah anu salila ieu pada néangan.
"De, cik nambut éta amplopna, ku bibi tukeuran jeung acis yeuh!" Tati dongko bari neuteup amplop.
Budak téh melong, rét ka imah bangun nu néangan indung bapana. Rét deui ka bibina.
"Nu bapa ieu mah da!" Cenah bari nyumputkeun amplop.
"Keur bibi wéh nya, da geulis!" Tati ngolo bari ngasongkeun duit lima rébu.
Budak olohok nempo duit, rét kana amplop, song diasongkeun ka Tati, acan gé nepi kana leungeun Tati, indungna ngagéréwék ngageroan budak.
*Hanca
Rengsekeun bu...punteenn
BalasHapusKamana milarian terasna bu ? Janten panasaran
BalasHapusMilarian dimana lanjutan serat ti Abah? Bagean ka 6
BalasHapusAsa seueur nu teu réngsé carnyamtéh.
BalasHapusHajar kamana terasanna carnyam téh? Ah teu balég boro mah di salin
BalasHapus