SURAT TI ABAH
Budak Bah Sudira aya tilu, Supri panggedéna, Neni nu ka dua, Tati bungsuna. Supri jeung Neni geus nguren, baroga budak dua. Iwal Tati nu can ngarumah tangga.
Budak cikal katelah nya licik nya nakal, jiga Supri, warisan bagéanana geus dicokot tiheula alatan kasedek ku pangabutuh. Banda Bah Sudira nyésa keur budak awéwé, geus diitung saluyu jeung sariah agama. Geus adil, jeung merenah. Ngan hanjakal Supri lolobana ngaririhan waé, paribasa nginjeum, ngan hésé mayarna.
"Kang Supri, béjakeun ka Ceu Tirah ari nginjeum téh kudu jadi bubukan, ngawujud, nyangsang, peupeuriheun mayar hésé!" Ceuk Neni harita, basa Supri nginjeum surat tanah rék digadékeun ka bank. Ngomongna mah rék meuli dolak, keur usaha. Kanyataan ukur dipaké poya-poya, mayar ukur tilu kali, saleuwihna ku Bah Sudira.
Neni jeung Tati bati geremet jeung keuheul, bongan sok léah Abahna, dibéré waé.
"Ieuh, rék naon kamari ka dieu? Aya pangabutuhna rajeun nempo kolot!" Neni muncereng, geus teu maké tilam deui bakating keuheul ka nu jadi lanceuk.
"Teu dibéré sumpahna gé, kalahkah rék badami jeung Si Tati!" Salin Supri bari nyérangkeun nu keur ngagali taneuh.
"Rasakeun siah, mun enya manéh pipilueun ngarogahala bapa sorangan, moal rék diaku lanceuk ku kami mah!" Tati ngabalieur miceun beungeut.
Réngsé diotopsi, Bah Sudira dikurebkeun, hasilna matak tugenah. Bah Sudira dirogahala, aya nu neunggeul palebah sirah tukangna, éta nu ngabalukarkeun Bah Sudira pegat nyawa. Diteunggeul lain sakali, tapi dihantem sababaraha kali. Keur ngaleungitkeun tapak, layon ditalian ku beubeur, digantungkeun na tangkal loa. Beubeurna lain nu Bah Sudira, tapi beubeur pulas héjo. Dikira-kira ku pulisi jeung tim forensik, Bah Dira maot jam tilu subuh. Kapanggih jam dalapan isuk-isuk.
"Bu Neni, kanggé kalancaran investigasi, abdi sareng tim masihan waktos tujuh dinten kanggé nyilidik, margi salah sawios bukti kunci teu aya, nyaéta serat téa!" Pulisi nyampeurkeun Neni.
"Sumuhun Pa, kumaha saéna waé, abdi gé nuju ngémut-ngémut éta serat. Pun adi teu taliti pisan, duka murag atanapi
kamana?" Neni ngaharéwos.
Supri kerung, ngadéngé aya surat nu leungit, anu bisa jadi pamuka ieu kasus. Dina jero haté geus gilig rék néangan éta surat, ngarah lanceuk-lanceukna teu nuding ka manéhna.
"Muhun Bu, parantos réngsé tujuh dinten bakal aya pemanggilan resmi, kanggé Ibu sareng nu caket di sabudeureun bumi almarhum. Inshaa Allah, ieu kasus bakal kabongkar!" Ceuk pulisi.
Neni unggeuk, rét ka Supri nu keur ngadédéngékeun, Supri api-api nempokeun nu keur ngarurub taneuh kuburan.
"Teh, weléh teu inget abdi mah éta surat! Keun urang téang deui bisi murag ka kolong imah!" Tati nangtung gigireun Neni.
"Nya, kudu kapanggih!" Ceuk Neni.
Barudak Bah Sudira nyampeurkeun kuburan bapana nu geus dirurub, réngsé ngado'a nu ngalanteur mimiti amitan nungtutan, kaasup pulisi jeung babaturanana.
"Bah, hampura abdi! Teu bisa nyugemakeun Abah, ukur bisa ngaririweuh!" Neni deku bari ngawuran kembang.
Kitu deui Tati jeung Supri, kacida kaleungitan nu jadi bapa, anu salila ieu jadi indung ogé, Bah Sudira ditinggalkeun maot ku pamajikanana, barudak keur laleutik, nepi ka tungtung umurna teu ngalaman boga pamajikan deui.
"Mana Si Tirah? Ti barang dugna teu ka ciri irung-irungan acan. Teu ngarasa kaleungitan mitoha nu sakitu héman jeung getén ka anak minantu?" Ceuk Neni ka Supri.
"Aya tadi ngan sakeudeung, budak nga dat waé!" Témbal Supri.
Geus nepi ka imah Bah Sudira, Tati langsung asup, kabeneran imah geus bérés, beresih. Neni diuk dina Bangbarung, rasa handeueul minuhan haté, dua poé katukang bapana hayang ngéndong di imahna, ngan dicarék, ku Neni, "Ni wéh nu ngéndong di Abah, jauh ka dieuna, ké mun barudak peré sakola!" Ceuk Neni basa harita
Mun seug harita digugu, meureun moal aya nu ngarogahala. Salamet teu kuat kieu, dasar geus kuduna, takdirna. Ayeuna bati hanjeluna.
*Hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar